Nikon Gear

1 Désémber 2009 nalawi Béré pairan


Nikon Portrait :D , originally uploaded by Fares ©.

Tah ieu koleksi nu ka impi-impi teh…. KUDU kapeser dina 5 taun anu kapayunan mah.

Hmmmmm

Categories: 1

Naha bet kitu?

23 Nopémber 2009 nalawi Béré pairan

Da ti anggalna ge kuring mah teu make judul babaturan jeung manehna teh, nya sarua we jeung babaturan nu lain. Boh ka babaturan lalaki atawa ka awewe, estu teu ngabedakeun. Mun enya ge kuring ti anggalna aya hate kadua leutik, moal teu dijudulan samemeh wanoh. Palias ceuk paribasana lamun kuring neundeun rasa bari teu wakca. Eta mah sarua bae atuh lain lalakining langit lalanang jagat, estuning lalaki euweuh kawani. Jeung deui apan si eteh teh geus rumah tangga, boga salaki katut reay anak. Pimanaeun atuh mun kuring bener tea mah miharep ka manehna. Umur oge apan pajauh kana 6 (genep) tauna. Jeung barina ge mun niat boga deui, kuring mah rek neangan anu seger keneh ceuk paribasana. Komo bari sakantor mah…kasebutna ‘tibuhun’ alias kampungan.

Enya ari ku kitu tea mah salah oge, kuring bet  bageur teuing. Tapi ari parasaan mah ti babaheula oge teu kasaha-saha ari ngaran nulungan, ngabantu jeung mere kahadean mah asa geus hiji kawajiban, geus ngaurat daging. Pan kitu anu baheula ku si Apa jeung si Ibu ari mapatahan ngaji sanggeus wanci Maghrib teh baheula. Kudu pinter mihapeun jeung mere kahadean ka sasama, dimana wae ayana cenah.

Anu kaduana, pedah ari kuring mah sok resep cacarita naon-naon anu karandapan, komo eta babaturan teh sarua urang Sunda asli. Ceuk paribasana asa manggih dulur.  Matak ge sok wakca balaka bae pedah  geus percaya jeung asa lain ka saha-saha deui. Kuring kadang sok poho mun geus dalit ka hiji babaturan, sok alus sangka. Tapi naon salahna alus sangka ? Apan ceuk agama ge kudu kitu…

Tapi ayeuna duka teuing kunaon bet ngajauhan, jiga nu sieun ningali kuring. Sasarina mah karek dahar wae mah sok ngajak bareng. Malah sok raramean jeung babaturan kuring nu lain. Tapi ayeuna mah heunteu. Mun rajeun kuring jeung babaturan dahar babarengan oge, manehna mah sok kajeun meuli dahar sorangan bari susulumputan. Heueuh pedah aya kuring meureun. Katingali tina polahna.

Lila-lia mah kuring teh nyaho alesanana, naha bet tara deui indit atawa balik babarengan jeung manehna. Da cenah mah kuring teh siganu keur ngadeukeutan manehna. Gudubrak …….Ceuk babaturan kuring pisan yen manehna kitu nyangka ka kuring teh. Katambah deui apan aya aki2 nu keur beger mindo di pagawean teh anu nembongkeun pisan keur bobogohan, ngadeukeutan wanoja, alias pagawe nu keur lelengohan. Heuheuy deudeuh….Heueuh ari eta mah kuring oge nyaho. Da katempo pisan maranehna lamun rek dahar atawa istirahat teh sok duduaan wae. Jeung deui apan nu sok ngajak dahar teh salila ieu lain kuring, manehna. Nya pimanaeun atuh lamun kuring rek disaruakeun jeung aki-aki tujuh mulud anu eta mah?

Lila-lila kuring jadi mikiran, na bener kitu kuring teh salila ieu katingali mere perhatian jeung siga nu miharep? Lila pisan mikiran teh, nepika sok teu nyadar ari ngahuleng teh, ujug-ujug di betahkeun ku pamajikan. Mikiran naon cenah..?? Sok gancang ku kuring nyingcet mere alesan nu lain. Kuring sok kekelemesan mun ku pamajikan dikitukeun teh.

Heuheuh kapikiran teh naha iraha kuring wakca bogoh ka manehna, asa teu pernah. Asa tacan pernah kumawani cugup-cagap sagala. Sanajan sok indit atawa balik babarengan oge asa palias teuing dan eta mah dilarang apan ku agama. Jeung euweuh tidituna we deuih bet kudu aya pikiran siga kitu.  Sanajan kunu lain oge manehna teh sok pada noelan, tapi da kuring mah hormat kasasaha oge. Komo apan ieu mah umurna oge saluhureun.

Dina hiji waktu mah kuring pernah eta oge sok ningali ditoel kunu lain bari heureuy. Tapi da kuring mah lain lalaki siga kitu.

Tah tidinya we kuring teh ngahaja ngajauhan. Sieun aya fitnah nu leuwih aheng. Sanajan kuring mah hanjelu, da boga rasa teu salah. Teuing ari mungguh manehna mah. Balukarna asa geus lain babaturan dalit deui ayuena mah. Asa ragab padahal mah kuring biasa wae. Tapi manehna  siga nu beakeun basa mun rajeun paamprok teh.

Enya eta oge katingali sakapeung mah sok ngajak bareng mun balik gawe, tapi tara jadi wae, asa teu merenah ayeuna mah. Matak sakapeung mah tara dipalire rek naon bae oge asa geus lain waktuna deui. Ti samet ayeuna mah nganiatan diri, keun bae ah leungit hiji babaturan bari sok nyangka nu lain-lain. Masih keneh rea babaturan anu lain anu euweuh sangkut pautna jeung parasaan.

****************************************

Mimitina mah wanoh jeung manehna teh pedah baheula babarengan jadi panitia acara di pagawean.  Ngurus kaditu-kadieu babarengan, jadi we asa teu kagok deui. Heureuy jeung ngobrol kamana-meni.

Umurna geus nincak 42-an, guratna mah geulis, katempo sanajan geus umuran oge tetep katempo cahayaan. Tapi lain kulantaran eta kuring daek jadi babaturanana. Satadina mah nyangka lain urang Sunda, da pedah lamun ngobrol teh make basa sejen wae (Malayu), katambah apan salakina urang wetan (Jawa), jadi nyangka ka manehna teh urang jawa wae. Tapi sanggeus panca kaki mah karek apal yen manehna teh urang Sunda asli nu dipihukum ku urang Jogja.

Lila-lila jadi soba dalit, heueuh da puguh sok balik gawe babarengan. Kabeneran deuih satujuan naek kareta ka Bogor,  padumukan kuring di pangumbaraan. Beuki wanoh komo lamun geus ngobrolkeun pasualan dilemur, pangalaman basa keur leutik  keneh. Dan teu beda jauh budaya jeung basa sapopoe apan lembur manehna jeung kuring  sarua ti tanah Galuh, kuring ti tanah Sunda, tanah Parahyangan.

Bener yen didunya teh taya nu langgeng.  Salah sahijina babaturan, sakumaha bageurna oge ari geus nepika wancina kudu leungit nya leungit. Ngan hiji anu ulah leungit teh patekadan rek ngawurkeun kahadena kasaha bae, kanu ngora,  kolot, kasep, geulis, awewe lalaki, tampa daksa sampurna, budak keneh, teu jadi pasualan, rek beda agama tur kayakinan, beda warna kulit tur bangsa, sarua oge sami mahluk Allah SWT. Patekadan nyebar amal kahadean ulah pareum keur sampeureun di alam akherat nu bakal datang. Sanajan sangkaan goreng tinu dibere kahadean, ulah gedag kaanginan. Tuluykeun…….

Tingalkeun nu teu uni, nu ngaganggu kana cita-cita, teangan jeung pigawe nu manfaat. Tetep ikhtiar neangan kabagjaan keur waktu nu bakal kasorang.

Keun ah kuring rek miang …   rek nuluykeun ieu lalampahan bari dimitian deui ku:

Bismillah…

Ya Allah tangtayungan lengkah abdi supados henteu ti tajong kana fitnah. Sareng tunjukeun jalan anu dipikaridho ku Gusti dina engggoning abdi kumawula ka Gusti. Amiin..

*)kengeng nyutat ti webna urang sunda.

Categories: Carpon

Naha kudu boga ngimpi

12 Nopémber 2009 nalawi Béré pairan

Pasualan ieu ungal poe ngaganggu parasaan. Ku sabab geus yakin rehna geus dituliskeun jeung diudag terus…coba naon anu bakal kapangih…?

Bener tetela, halangan harungan, gangguan, fitnah godaan jeung kabeh anu bakal ngabelokeun tina jalan anu tiheula geus ditetepkeun. Jeung biasana beuki jauh ngalengkah, beuki asing karasanan. Jalma anu aya di sabeudeureun anjeun bakal ngali anjeun siga mahluk aneh. Tapi lamun maneh geus percaya kana kahayang bari dibarengan ku lengkah, hiji-hiji anu tadina jadi babaturan nungadukung jeung mere sumanget ka anjeun bakal ningalkeun.

Unggal babaturan anu ningalkeun maneh bakal karasa peurih kana angen karasana.  Pasti bakala kitu, nepika hiji mangsa anjeun bakal ngarasa kudu ningalekun diri sorangan. maneh teu apal naha bet kudu mapay jalan anu hese siga ieu.  Enya dina haet mah yakin, tapi kadang-kadang buntu dina otak.

Naha? bet teu dicokot kasempetan anu leuwih gampang????

 

 

Categories: 1

Ide kerative

10 Nopémber 2009 nalawi Béré pairan

amerabulaila-creative-ads (40), originally uploaded by amerm.

Salah sahiji ide kreatif pikeun ngiklakeun barang, aya-aya wae nya

Categories: Taya kategori

Ide kreatif lain

10 Nopémber 2009 nalawi Béré pairan


amerabulaila-creative-ads (27), originally uploaded by amerm.

Ide kreatif yang di pake di salah satu lembaga pendidkan bahasa asing di Jakarta

Categories: 1

Ide kreatif

10 Nopémber 2009 nalawi Béré pairan


Ad, originally uploaded by _emtaddbel.

Ide iklan kreatif

Categories: 1

Creative ads

10 Nopémber 2009 nalawi Béré pairan


creative ads, originally uploaded by Syed Shahrier.

Inspirasi/ide kreatif…..

Categories: 1

Design Business Card

10 Nopémber 2009 nalawi Béré pairan


Business Card SempreInnove, originally uploaded by Marcelo Leitte.

inspirasi kartu nama

Categories: 1

Ruang baca

10 Nopémber 2009 nalawi Béré pairan


IMG_1161.JPG, originally uploaded by dehsign.

Inspirasi ruang baca

Categories: 1

Ruangan Desain

10 Nopémber 2009 nalawi Béré pairan

Former Wishingline Design Studio, Inc. Home Office

Categories: 1