Arsip

Archive for the ‘Carpon’ Category

Naha bet kitu?

23 Nopémber 2009 Tunda talatah

Da ti anggalna ge kuring mah teu make judul babaturan jeung manehna teh, nya sarua we jeung babaturan nu lain. Boh ka babaturan lalaki atawa ka awewe, estu teu ngabedakeun. Mun enya ge kuring ti anggalna aya hate kadua leutik, moal teu dijudulan samemeh wanoh. Palias ceuk paribasana lamun kuring neundeun rasa bari teu wakca. Eta mah sarua bae atuh lain lalakining langit lalanang jagat, estuning lalaki euweuh kawani. Jeung deui apan si eteh teh geus rumah tangga, boga salaki katut reay anak. Pimanaeun atuh mun kuring bener tea mah miharep ka manehna. Umur oge apan pajauh kana 6 (genep) tauna. Jeung barina ge mun niat boga deui, kuring mah rek neangan anu seger keneh ceuk paribasana. Komo bari sakantor mah…kasebutna ‘tibuhun’ alias kampungan.

Enya ari ku kitu tea mah salah oge, kuring bet  bageur teuing. Tapi ari parasaan mah ti babaheula oge teu kasaha-saha ari ngaran nulungan, ngabantu jeung mere kahadean mah asa geus hiji kawajiban, geus ngaurat daging. Pan kitu anu baheula ku si Apa jeung si Ibu ari mapatahan ngaji sanggeus wanci Maghrib teh baheula. Kudu pinter mihapeun jeung mere kahadean ka sasama, dimana wae ayana cenah.

Anu kaduana, pedah ari kuring mah sok resep cacarita naon-naon anu karandapan, komo eta babaturan teh sarua urang Sunda asli. Ceuk paribasana asa manggih dulur.  Matak ge sok wakca balaka bae pedah  geus percaya jeung asa lain ka saha-saha deui. Kuring kadang sok poho mun geus dalit ka hiji babaturan, sok alus sangka. Tapi naon salahna alus sangka ? Apan ceuk agama ge kudu kitu…

Tapi ayeuna duka teuing kunaon bet ngajauhan, jiga nu sieun ningali kuring. Sasarina mah karek dahar wae mah sok ngajak bareng. Malah sok raramean jeung babaturan kuring nu lain. Tapi ayeuna mah heunteu. Mun rajeun kuring jeung babaturan dahar babarengan oge, manehna mah sok kajeun meuli dahar sorangan bari susulumputan. Heueuh pedah aya kuring meureun. Katingali tina polahna.

Lila-lia mah kuring teh nyaho alesanana, naha bet tara deui indit atawa balik babarengan jeung manehna. Da cenah mah kuring teh siganu keur ngadeukeutan manehna. Gudubrak …….Ceuk babaturan kuring pisan yen manehna kitu nyangka ka kuring teh. Katambah deui apan aya aki2 nu keur beger mindo di pagawean teh anu nembongkeun pisan keur bobogohan, ngadeukeutan wanoja, alias pagawe nu keur lelengohan. Heuheuy deudeuh….Heueuh ari eta mah kuring oge nyaho. Da katempo pisan maranehna lamun rek dahar atawa istirahat teh sok duduaan wae. Jeung deui apan nu sok ngajak dahar teh salila ieu lain kuring, manehna. Nya pimanaeun atuh lamun kuring rek disaruakeun jeung aki-aki tujuh mulud anu eta mah?

Lila-lila kuring jadi mikiran, na bener kitu kuring teh salila ieu katingali mere perhatian jeung siga nu miharep? Lila pisan mikiran teh, nepika sok teu nyadar ari ngahuleng teh, ujug-ujug di betahkeun ku pamajikan. Mikiran naon cenah..?? Sok gancang ku kuring nyingcet mere alesan nu lain. Kuring sok kekelemesan mun ku pamajikan dikitukeun teh.

Heuheuh kapikiran teh naha iraha kuring wakca bogoh ka manehna, asa teu pernah. Asa tacan pernah kumawani cugup-cagap sagala. Sanajan sok indit atawa balik babarengan oge asa palias teuing dan eta mah dilarang apan ku agama. Jeung euweuh tidituna we deuih bet kudu aya pikiran siga kitu.  Sanajan kunu lain oge manehna teh sok pada noelan, tapi da kuring mah hormat kasasaha oge. Komo apan ieu mah umurna oge saluhureun.

Dina hiji waktu mah kuring pernah eta oge sok ningali ditoel kunu lain bari heureuy. Tapi da kuring mah lain lalaki siga kitu.

Tah tidinya we kuring teh ngahaja ngajauhan. Sieun aya fitnah nu leuwih aheng. Sanajan kuring mah hanjelu, da boga rasa teu salah. Teuing ari mungguh manehna mah. Balukarna asa geus lain babaturan dalit deui ayuena mah. Asa ragab padahal mah kuring biasa wae. Tapi manehna  siga nu beakeun basa mun rajeun paamprok teh.

Enya eta oge katingali sakapeung mah sok ngajak bareng mun balik gawe, tapi tara jadi wae, asa teu merenah ayeuna mah. Matak sakapeung mah tara dipalire rek naon bae oge asa geus lain waktuna deui. Ti samet ayeuna mah nganiatan diri, keun bae ah leungit hiji babaturan bari sok nyangka nu lain-lain. Masih keneh rea babaturan anu lain anu euweuh sangkut pautna jeung parasaan.

****************************************

Mimitina mah wanoh jeung manehna teh pedah baheula babarengan jadi panitia acara di pagawean.  Ngurus kaditu-kadieu babarengan, jadi we asa teu kagok deui. Heureuy jeung ngobrol kamana-meni.

Umurna geus nincak 42-an, guratna mah geulis, katempo sanajan geus umuran oge tetep katempo cahayaan. Tapi lain kulantaran eta kuring daek jadi babaturanana. Satadina mah nyangka lain urang Sunda, da pedah lamun ngobrol teh make basa sejen wae (Malayu), katambah apan salakina urang wetan (Jawa), jadi nyangka ka manehna teh urang jawa wae. Tapi sanggeus panca kaki mah karek apal yen manehna teh urang Sunda asli nu dipihukum ku urang Jogja.

Lila-lila jadi soba dalit, heueuh da puguh sok balik gawe babarengan. Kabeneran deuih satujuan naek kareta ka Bogor,  padumukan kuring di pangumbaraan. Beuki wanoh komo lamun geus ngobrolkeun pasualan dilemur, pangalaman basa keur leutik  keneh. Dan teu beda jauh budaya jeung basa sapopoe apan lembur manehna jeung kuring  sarua ti tanah Galuh, kuring ti tanah Sunda, tanah Parahyangan.

Bener yen didunya teh taya nu langgeng.  Salah sahijina babaturan, sakumaha bageurna oge ari geus nepika wancina kudu leungit nya leungit. Ngan hiji anu ulah leungit teh patekadan rek ngawurkeun kahadena kasaha bae, kanu ngora,  kolot, kasep, geulis, awewe lalaki, tampa daksa sampurna, budak keneh, teu jadi pasualan, rek beda agama tur kayakinan, beda warna kulit tur bangsa, sarua oge sami mahluk Allah SWT. Patekadan nyebar amal kahadean ulah pareum keur sampeureun di alam akherat nu bakal datang. Sanajan sangkaan goreng tinu dibere kahadean, ulah gedag kaanginan. Tuluykeun…….

Tingalkeun nu teu uni, nu ngaganggu kana cita-cita, teangan jeung pigawe nu manfaat. Tetep ikhtiar neangan kabagjaan keur waktu nu bakal kasorang.

Keun ah kuring rek miang …   rek nuluykeun ieu lalampahan bari dimitian deui ku:

Bismillah…

Ya Allah tangtayungan lengkah abdi supados henteu ti tajong kana fitnah. Sareng tunjukeun jalan anu dipikaridho ku Gusti dina engggoning abdi kumawula ka Gusti. Amiin..

*)kengeng nyutat ti webna urang sunda.

Categories: Carpon

Mapag Rasa Nu Sarua

6 Juli 2009 Tunda talatah

ku: Ajisakti Langgabuana Wisesa

Asa genah tumaninah karasana ieu peuting. Hujan ngarikicik ti sorenakeun. Abongkena keur usum ngijih, hujan teh meni henteuna ungal burit. Enya da di sawah geus usum ngabaladah, malah di lebah girang mah geus aya nu tanur sagala alatan datang caina ti heula. Bari di barengan ku halueangna lagu kang Doel Sumbang ti radio Dahlia Bandung. Radio leutik kuring nu aya di juru kamar nu satia marengan kuring ungal peuting. Asa beuki mantuan rasa kuring kumalayang teuing kamana. Nyawang-nyawnag rasa nu tacan kahontal.

Geus biasa mun tengah peuting teh kuring sok asa hese sare, duka teuing kunaon. Aya kana dua mingguna kuring teh sok guling gasahan mun peuting teh. Bisa sare teh engke geus tabuh dua,kitu ge meunang maksakeun. Padahal kuring teh isuk kudu ngajar di sakola. Katambah isukan teh apan kudu ngajar di kelas 3 anu barudakna rada balangor.

**********************
Geus aya tilu bulanna meureun manehna ngajar di ieu sakola teh. Guru basa Sunda, pindahan ti SD Sindanglaya. Ngarana bu Ina, dina romana mah geus umuran da dina taun kalahiranana teh taun 69, meureun mun diitung-itung mah geus 40 manehna umurna ayeuna. Tapi da gurat geulisna masih keneh katara di pameunteuna. Kaciri turunan Sunda asli. Sateureuh putri Galuh Dewi Citraresmi Ratna Dyah Pitaloka, anu kawentar ku kageulisanana ka jomantara, nu kakoncara ka sakuliah nusantara.

Nyaan katingalina manehna teh geulis, dedeg simpe rupa hade, salira lenjang, pangawakan ngeusi, kulit umbyang koneng, pameunteu ngadaun seureuh, soca cureuleuk.nambihan sari mamanis. Teu sirikna matak helok nu nenjo, kataji nu ningali, satangtung nu matak lanjung, sarindat mikat duriat, sakelet jadi kapelet, sasoek nu matak daek. Lain ceuk kuring wungkul pedah aya hate ka manehna tur masih lelengohan, tapi ceuk sakur lalaki anu wawuh ka manehna. Pajar teh matak kabandang panyawang. Kaciri lamun keur kasampak mun keur ngobrol jeung manehna sok dalaria naker. Istuning hayang kaparake. Tong boroning siga kuring nu masih keneh can rarabi. Dalah puguh nu geus arincuan oge sok rada carunihin ari keur pareng ngobrol jeung bu Ina mah.

“Wilujeng enjing Pa Iwan”, jedug pohara reuwas.

Aya sora meni halimpu ti tukangeun basa kuring keur ngajanteng di areupeun panto kelas 5 tadi beurang, nunguan barudak nu keur ulangan. Kuring apal sora eta, sora nu sok disawang ungal poe. Sora manehna anu ngahudangkeun panglamun kuring.

“Aeh, Wilujeng enjing, Aeh gening bu Ina”, jawab kuring meni semu ngeleper campur reuwas.

Duka teuing kunaon atuh lamun ngadenge sora eta teh sok ngadaregdeg, awak ngadak-ngadak luut-leet ku kesang, paranas tiis padahal teu cape teu naon. Katingali manehna imut ngagelenyu ka kuring, basa ngaliwat rek asup ka ruang guru nu aya di tungtung bangunan. Meni asa ka kuring imutna teh. Tapi..hmmhmmhm…sigana kuring nu ambon sorangan. Apan kanu lain oge sru sok ngumbar imutnlain ngan ka pada-pada guru wungkul, tapi ka murid oge manehna mah someah, matak resep nu ngali. Teu budak teu kolot, awewe lalaki.

Sok rey teh asa timuru mun pareng manehna ngobrol jeung pa Agus, guru Fisika nu karek sataun katunkang ngajar di ieu sakola. Dalah pa Agus ge sanajan geus rarabi, katingali mun aya bu Ina mah sok jadi hayang kapuji. Kitu deui bu Ina sok daria pisan. Padahal da pa Agus teh teu kasep-kasep teuing. Tapi naha atuh nya bu Ina teh siga nu resep pisan mun diajak heureuy ku pa Agus mah. Boa-boa meureun resepeun ka Pa Agus? Enya ari kukitu tea mah da pak Agus mah guru ti kota, tangtuna beda jeung kuring guru kampung bari statusna masih keneh guru bantu. Sedengkeun pak Agus mah geus rea pangalaman da kaluaran ti paguron luhur nu geus kawentar di Bandung.

Pak Agus teh kawilang guru nu pinter, da cenah mah keur di sakola asalana oge di Bandung manehna teh jadi guru teladan. Katambah deuih pan turunan jalma aya. Ari indit ka sakola oge manehna teh sok mawa kandaraan sorangan. Memang keu ukuran di desa kiring mah, Desa Cihanjuang, guru model Pak Agus mah idaman para wanoja, kameumeuet para mitoha. Contona si Tita, ti bagian TU, manehna mah sok rada cunihin, malah sok hayang dianteurkeun ku pak Agus lamun balik teh. Hmmmmhm dasar teu uyahan tah.. geus nyaho apan geus rarabi. Ieu hayoh di tempel wae. Pedah naek didid sigana mah.

Ah tapina keur naon uring ngabanding-banding jeung pak Agus, naha bet sieun kunu kararitu. Enya ge bu Ina teh geus jadi randa tur boga anak dua. Kitu oge kuring lelengohan, enya ge beda aya kana 9 taun, tapi da lamun Allah Ta’ala marengkeun mah saha jalmana nu bisa ngahalangan. Montong sieun euy…..

Sakali waktu, basa kuring rek balik ka imah, bet pasangrok jeung bu Ina, sihoreng manehna ge sarua rek balik, Da geus wanci tabuh dua harita teh.

“Mulihna kamana Bu?”, ceuk kuring nanya manehna bari daria naker. Da hayang kataji.

“Sami sa arah sareng pa Iwan”, bari keukeuh di barengan ku imut nu ngagelenyu. Kuring api-api teu kapangaruhan. Sieun katingali salah tingkah.

” Aeh naha meni kaleresan nya”, jawab kuring. Asa bungah bisa bareng jeung manehna.

Diperjalanan, kuring jeung bu Ina panca kaki, da hayang apal asal-usulna. Bari sasakali di selang ku heureuy. Mimitina mah heureuy garing. Tapi lila-lia kuring jadi rea ide pikeun supaya manehna teu boseneun ngobrol jeung kuring. Kuring geus bisa ngontrol parasaan hate, supaya teu kaciri yen kuring teh sabenerna bogohka manehna. Ngan sasakali kitu ge sabat bongoh, kuring sok mencrong, maok teteup ka menhna bari di barengan ku gerentes hate, yen kuring teh bogoh ka menehna, sanajan umur beda 9 taun, tapi ngarana duriat mah teu ningali umur. Sok gancang kuring ge miceun beungeut da sieun katohian.

Rada jauh oge perjalanan ti sakola ka imah kuring, aya kana 25 menitna, pedah tara kebat angkot teh da sok rea nu turun ungah sapapanjang jalan.

Ampir ungal peo kuring teh bareng jeung bu Ina mun balik teh. Enya mun manehna teu ngajar di kelas nu asupna kasorenakeun. Tapi da kuring geus apal kana jadwal ngajarna bu Ina. Sabab nu nyusun jadwal teh kuring sorangan, pancen ti pak Sastra, kapala Sakola.

********************

“Pak Iwan tos gaduh bati sabarah hiji?”, tanya bu Ina dina hiji waktu.

“Tacan bu, boro-boro abdi mah tacan gaduh kango ibuna oge”, jawab kuring

“Oh sugan teh tos nikah, kutan teh masih lelengohan?”,pokna bari imut.

“Sumuhun”

“Iraha atuh, bade ngatosan nain deui”,pokna.

“Ah tacan gaduh calon bu, teu aya nu kersaeun..hehehe”, kuring ngajawab kitu teh bari seuri.

“Ah maenya kasep-kasep tacan gaduh calon”. renggggng we ceuli teh meni rebing eta basa di sebut kasep.

Boa-boa bener kuring teh kasep??? Jeung boa-boa manehna ge resepeun ka kuring. Ah meni sok ambon sorangan.

“Ah ibu mah aya-aya wae…” jawab kuring bari hate mah bungangang disebut kasep.

Tungtungna poe isukna kuring teh wakca balaka, kunaon kuring teh bet can rarabi. Kuring teh sabenerna hayang sakola deui jiga pa Agus, kuliah deui di sakola kaguruan di Bandung, sangkan elmu pikeun jadi guru leuwih rea pikuen majukeun daerah, khususna desa kuring anu masih keneh kakurangan tanaga guru. Da gening babaturan saangakatan kuring mah rereana bet ka Jakarta ngaradon kuli. Aya oge nu dilembur malah jaradi panganggran atawa ngojeg. Tapi aya oge nu ngan ukur gigitaran disisi jalan.

Alhamdullih kuring mah sanajan ti kulawarga biasa, tapi di bere kasadaran kana kaayan di desa kuring nu sakitu geus robahna. Barudak jaman ayeuna mah gening henteu jauh tina kahirupan materi. Motor, HP geus jadi trend, pakean geus araraneh, atuh nyakitu deui brudak awewe nu karek gede oge meni barulucun pisan. Baju teu mararatut siga leupeut.

Ku kaayaan eta kuring asa kageuing, aya cita-cita hayang boga sakola keur barudak kampung nu teu mampuh. Rea pisan nu teu bisa neruskeun sakola ku alatan bahrutengna teu kabaredageun. Cita-cita kuring hayang ngawangun sistem pendidikan anu teu nyusahkeun kolot. sanajan ceuk paribasana sakola ngan ukur langi asli jeug lantaina jukut. Tapi anu penting barudak di kampung kuring kudu leuwih pinter kahreupna. ulang barudak nu gampang kapangaruhan nu teu bener, barudk nu gampang kagirirng-gring ku jaman. Anu poho ka kolot jeung didikan agama jeung darigama.

Eta alesan kuring nu di tepikeun ka bu Ina harita. Nu diajak ngobrol ngan melong wae. Tapi sigana manehna rada hookeun kana omongan kuring. Nu masih keneh dadaekanan paduli ka batur dina jaman kiwari.

“Sok atuh geura kawitan, sae pisan citacita teh”,

“Tapi langkung sae pami aya nu masihan dukungan”

“Maksadna?” ceuk kuring rada teu ngarti.

“Enya kedah aya nungadukung secara moril, margi ieu mah pamadegan nu teu gampil Pak Iwan” tembal manehna.

“Muhun kahoyong mah, mung di kumahakeun atuh”, ceuk kuring bari neuteup ka manehna.

Salila perjalanan poe tadi mah asa teu rea ngobrol, ngan kur paamprok teteup jeung manehna. Bari kitu ge sok pada api-api, ngabalengbarkeun tetempoan kana jandela mobil. Geus biasa bu Ina turun ti heula. Da imah manehena leuwih deukeut, sedengkeun kuring kudu naek deui sakali deui ti terminal Cisarua teh.

Poe ka poe jeung bu Ina teh asa beuki wanoh. Kitudeui parasaan kuring asa beuki geugeut. Sanajan kuring masih bisa ngawasa diri sangkan ulah kanyahoan kumanehna yen sabenerna kuring teh bogoh. Kitu deui manehna sigana pedah geus mineng bareng jeung kuring. Asa teu karagok deui mun ngobrol teh.

“telengteng tung…tung..”. Aduh reuwas, sighoreng sora sms ti hp kuring. Tapi saha peuting-peuting kieu ngasms. Bareng di buka sihoreng ti bu Ina. Kuring bungah campur degdegan.

“Pa Iwan, enjing tisa nganteur ka Cimahi”, pun anak teu raraos”,

“euleuh gening?” ku kuring langsung di bales.

“manga, tabuh sabaraha?” tanya kuring

“pami tiasa mah enjing”.

“muhun manga di antos di terminal”

Isukna kuring jangjian di terminal, rek nganteur bu Ina jeung anakna nu gering parna alatan kaserang panyakit diare ka rumah sakit Cibabat, Cimahi. Da cenah di puskesmas mah teu waranieun.

Salila perjalanan, kuring teu rea ngomong, ngan cicing wae, kitu oge menehna. Da pasamona alum. Kuring nyobaan ngupahan.

“Ah da bapana mah tamelar Pa Iwan, taya tanggung jawabna”,

“Muhun sing sabar we, keun jaganing geto bakal aya nu mikanyaah nu langkung”. Padahal na hate kuring mah kuring rek mikanyaah teh.

Teu sadar, sanggeus kuring ngomong kitu teh, manehna neuteup ka kuring meni anteb. Aya kana sawatara waktu mah manehna teh melong. Sadar teh basa ku kuring di gentraan.

“Bu”,

“Aeh, punten…..naha ieu teh” jawabna bari ngelemes semu era.

Katempo tina panon teuteup nu seukeut keur kuring, teuteup nu pinuh ku harepan. Na enya kitu bu Ina ge bogoheun. Da gening neutepna beda ayeuna mah.

Balik ti rumah sakit teh geus wanci kasorenakeun. Sangeus kuring nganteurkeun bu Ina nepi ka imahna. Kuring gancang balik ka imah da bisi kaburitan.

********************

Peuting geus beuki simpe, tapi asa jauh pitunduheun. Ngan bruy bray kabayang lalampahan poe tadi jeung bu Ina basa rek ngubaran budakna. Bray imutna nu mingkin nengtremkeun hate. Ya Allah, pami bu Ina jodo abdi, caketkeun anjeuna ka diri abdi.

“Telengteng..guuungggg..” sora sms, reuwas oge, ngahudangkeun lamunan kuring. Gancang ku kiring di buka, sihoreng ti bu Ina.

“htr nhn parantos ngantr ka rmh skt”
“sami-sami bu, wilujeng wengi”, balesan kuring
“telengtengung..gungggg…

.”, manehna malesan deui.
“kang , lepat teu abdi pami nu nyarengan akang ngawujudkeun cita-cita tea?”, cenah dina smsna.

Keur sawatara waktu mah kuring ngan ngahuleng, hookeun ningali eusi eta sms. Aya sora nu ngaguruh dina angen, karasa ngaguludagna caah dibalung ku tagiwurna hate. Kadenge ngaguruhna jajantung nahan rasa bungah nu kapegung. Sihoreng bu Ina teh bogoheun oge ka kuring. Tetela manehna nu kedal tiheula, lain kuring. Tapi da kuring mah sahandapeunana, wajar bae mun manehna nu ngamimitian.
Kabayang, implengan baris nyanding jeung manehna bakal jadi kanyataan. Baris babarengan kokojayan dina nyorang sagara endahna rumah tangga nu pinuh ku rasa nu sarua.

Gusti ieu kitu waleran du’a abdi …(?)***

Galuh, ping hiji Rajab 1430H

Categories: Carpon
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.