JANG Ohim keur baluweng. Isuk kénéh geus rajol nu nagih hutang. Ari pamajikanana kalah ka nyarékan, pokpokanana éstuning matak nyugak. Nyebut lalaki euweuh kadaék mah, pangedulan mah, teu tanggung jawab mah.
“Célémbéng, siah!” cék Jang Ohim bari ngajengkat ka tepas, terus ngadayagdag kana bilik. Asa ngareunah kageberan angin, guher wéh saré. Maké jeung ngimpi sagalarupa. Dina impian téh, manéhna boga sapi, keur ditawar ku Mang Minta, tatanggana.
“Dibikeun moal lima juta, Jang?” cék Mang Minta.
“Tambahan lima ratus deui atuh, Mang!”
“Lah, sakitu wé ti Emang mah. Moal leuwih deui?”
“Kumaha nya? Asa lebar. Ké atuh rék mikir heula!”
Bray beunta. Mang Minta euweuh, sapi suwung. Jang Ohim gigisik. Dayagdag deui bari peupeureuman.
“Pék waé Mang masih opat juta gé, kuring keur butuh duit yeuh…”***(dans)
*****haturnuhun kang Dadan Sutisna:daluang.com**********
Si Joni teh asli urang sunda ngan ku sabab indung bapana ngumbara di jakarta jadi weh manehna teu bisaeun ngomong basa sunda.
Hiji waktu manehna liburan sakola ka lembur ninina di sindangkerta.
Keur ngadaweung harita teh pabeubeurang, jol aya nu dagang mawa barang dagangan satanggungan bari ngajorowok tea “Pareuyeueueueummmm”
Si Joni ngagupayan, nu dagang nyampeurkeun bari pokna teh, “Bade peuyeumna cep?”
Si Joni malik nanya, “Jualan apa bang?”
Tukang peuyeum, “Peuyeum, cep”
Si Joni ngilikan kajero karanjang tukang dagang terus ngomong, “Oh tape”
Tukang peuyeum, “ah teu cape cep da tos biasa”
Si Joni, “Apa bang bilang?”
Tukang peuyeum, “Teu dibilang cep, dikilo” ….
Mas Sastro jeung Kabayan keur meresihan susukan sisi lembur. Duanana boga pancén séwang-séwangan. Mas Sastro kabagéan ancrub ka susukan, ngeduk leutak nu geus kandel, ari si Kabayan di luhur ngoréd jukut nu geus ngajejembrung. Mas Sastro ngagorowok matak reuwas “Kabayan, lihat nih….ada lélé!” “Mana…?” Kabayan curinghak. “Ini…di dalam liang!” Mas Sastro nunjuk kana liang “Waaah….kodok atuh mas!” “Bukan, lélé; ……… gedé banget!” curuk mas Sastro nunjuk kana lélé “Kodok, mas!” “Lélé…!” “Ceuk sayah kodok, kodok!” témpas Kabayan teu sabar “Lélé ini mah Kabayan bukan kodok.“ Kabayan ngahuleng…
Lantaran panasaran ka pilem Buruan Cium Gue anu keur heboh lantaran adeganana matak ajol ajolan jajantung, si aki jeung si nini malem minggu kamari indit ka bioskop twentiwan nek lalajo. Dijero bioskop si aki teu ngiceup ngiceup ningali adegan anu keur silih lamot biwir, ari si nini mah jongjong we ngabeuweung borondong garing anu ditempat eta katelahna pop corn tea.
Balik lalajo si aki alewoh nyaritakeun deui adegan anu kungsi ditingali dina pilem eta.
” Nini asa kaingetan euy, pan salila urang bobogohan tug nepikeun kasakieu kolotna asana can ngasaan nu ngarana silih lamot biwir teh !” ceuk si aki mimiti kapangaruhan ku adegan pilem.
” Enya euy aki…kumaha mun urang nyalingker heula kanu poek !” tembal si nini satengah ngajalanan. Atuh teu diengkekeun deui dua duana terus nyalingker kanu poek. Dinu poek nu kadenge teh ngan ukur sora si nini semu ngaharoshos.
” Buruan cium dewek !”
Tilu jam tilu puluh menit tilu puluh detik, si aki jeung si nini kakara ting kulunu tinu poek, pok si aki nanya ka si nini.
” Nini….kumaha rasana euy ?”
” Ueudaannnn meennnn !” tembal si nini nurutan iklan energy drink.
” Niniii…ke..ke….rarasaan teh aya nu melag dina tikoro ?” ceuk si aki semu reuwas bari ngarancetan tikorona.
” Puguh nini ge keur reuwas ieu teh…huntu palsu nini luncat kamana nya?”