
Neng Enot
Teu ngarti kamari mah indung barudak teh bet ngadon ngambek, ujug-ujug ..anyun ..ae. Kuring panasaran hayang nyaho alesanana bet ngabudian ka kuring.
Hasil panalungtikan tetala, pedah kuring teh cenah resep teuing ngekewek jeung ngeukeupan neng Enot. Komo cenah basa manehna balik gawe asa di antep pisan alias dicuekin ku kuring. Teu salah, memang kuring teh poe harita bet ngusapan neng Enot di hareupeun manehna. Tapi mun dipikir deui apan kuring teh ti babaheula geus boga kameumeut. Neng Enot teh geus jadi karesep kuring ti basa kuring keur lelengohan. Salahna kuring, teu bisa ngaleupaskeun si eneng anu geus ngahiji jeung jiwa kuring.
Jeung neg Enot pisan kuring teh sagulung-sagalang beurang jeung peuting samemeh kuring rarabi teh. Sanajan lain muhrim tapi da asa teu ngarasa nyalahan kana aturan agama jeung darigama. Da kuring mah asa pijauheun kikituan mah. Euweuh teureuh ti kolot istilahna mah. Sanajan sok mondok moek, hirup sagebrug iraha teuing make jeung rey ka neng Enot mah. Teu pisan dech…
Tapi da henteu kitu ari mungguh pamajikan mah, cenah mah kuring sok indit-inditan jeung manehna mun pareng manehna keur gawe. Pernah oge cenah kuring katohian keur ngagganong manehna, malah mah pernah cenah basa pamajikan balik gawe nempo kuring di jalan keur ngaleng neng Enot meni geugeut pisan, meni sieun di tempo batur. Istuning hariwang jeung honcewang lamun katowel kunu sejen.
Ah… cape sabenerna mah ngalayanan anu teu puguh juntrunganana. Akhirna neng Enot teh ku kuring di shutdown. Terus di selapkeun dina tas paranti gawe.
Nya atuh nyi…ka notebook oge meni timburuan….
(..terus gambar nu diluhur maksudna naon?…teuing atuh..)
-cagh ah-

Tol Cipularang
Minggu kamari mah ngahaja hayang jalan-jalan ngurilingan Bandung jeung indungna barudak. Tapi orokaya gening teu kakurilingan, da kaburu cape. Katambah gening Bandung teh geus robah ayeuna mah teu siga baheula basa keur sakola keneh.
Kabeneran indungna barudak teh apan lain turunan Sunda, jadi can apaleun pisan kana kaayaan Bandung anu sabenerna. Geus aya sababaraha kali sabenerna mah kaBandung teh, ngan ukur ngaliwat wungkul da tujuan anu mimindengna mah arek ka imah mitohana, nya kolot kuring. Katambah apan geus dijanjian baheula teh basa anyar rarabi rek ngadon meuting di Lembang. Tapi kualatan waktu nu teu nyukupan wae. Janji teh tingal janji, tacan bisa kalaksanakeun.

Gedong sate
Atuh kamari mah maksakeun, tama teuing we pedah janji tacan katedunan. Nya beng wae isuk-isuk teh indit g, tujuan mimiti mah cenah hayang meuli baju ka tempat FO anu ceuk urang Batawi mah aralus, tapi da ceuk kuring biasa wae, malah mah sarua jeung di Pasar Baru, ngan pedah meureun meunang konsep keur gagayaan mah. Teuing pedah ari bangsa urang mah sok kapangaruhan ku urang Kulon, jadi cenah balanja di FO mah siga balanja di eropah…teuing teu nyambung. Meureun gugujihan we.
Barang datang teh karek wanci haneut moyan, ah asa saleger pisan kadang angin haliliwir teh menih genah tumaninah. Teu antap warah deui, da tujuan mimiti mah hayang naek ka tonggoh, ka arah Ledeng. Beuki tonggoh teh asa beuki tiis, sasakali aya nagin teh meni nyecep. Pamajikan mah pupurungkutan da tiriseun. Kuring ge sok inget da manehma mah mun sinarieun ka imah kolot ge sok asup angin, alias kakabueun. Maklum atuh apan di borjolkeunana oge apan di batawi, jadi manehma mah rada alergi kana tiris teh. Beda jeung kuring, pan di borojolkeun ka ieu alam teh apan di sisi gunung pakidulan, jauh timana-mana.
Balik deui ka carita….